Monday, November 21, 2011

babasan jeung paribasa Sunda

60 conto ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda:
1. Abang-abang lambe

Kecap abang dina ieu babasan hartina beureum. Ari lambe atawa lambey kaasup kana basa ragam hormat, anu dina basa ragam lomana saharti jeung biwir. Sarerea oge geus appal, gunana biwir teh diantarana pikeun nyarita.
Babasan abang-abang lambe hartina nyarita ukur pikeun ngangeunahkeun hate batur wungkul, tapi teu terus jeung hate, atawa teu jeung prakna. Ieu babasan teh sakapeung robah ungkarana jadi ukur lalambe.
2. Abong biwir teu diwengku

Kecap wengku dina ieu paribasa maksudna palipid barang anyaman (boboko, nyiru, cecempeh, tampir) di sakurilingeun sisina, sangkan jadi weweg. Ari biwir mah memang teu make wengku, jadi bias dipunyan-penyon sakahayang, maksudna bias jeung laluasa dipake ngedalkeun omongan kumaha wae oge.
Ieu paribasa teh sakapeung ungkara sok ditambahan jadi abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan, tumerap ka jalma anu ngomongna sakarep-karep (teu jeung wiwaha), teu ngingetkeun bakal kumaha pibalukareunana pikeun batur, nu penting asal disada.
3. Adat kakurung ku iga

Kecap adat dina ieu paribasa maksudna tabeat atawa kabiasaan anu tumerap ka hiji jalma. Jadi lain adat dina harti kabiasaan anu engkena bras kana tradisi. Ungkara kakurung ku iga nuduhkeun aya dina jero iga. Ari iga teh nyaeta bagian awak urang di sisi kenca jeung katuhu, antara dada jeung tonggong, handapeun kelek, luhureun cangkeng.
Tah tabeat hiji jalma teh dipapandekeun aya dina jeroan iga. Geus kasawang, kumaha hesena ngarobah pasipatan hiji “barang” anu aya dina jero awak. Paribasa di luhur ieu teh ngandung harti (tabeat atawa kabiasaan) goring anu geus maneuh, tur hese dipiceunna.
4. Adean ku kuda beureum

Kecap adean teh patalina jeung kuda, miboga dua harti. Kahiji, peta kuda meunang ngahaja malajar (ngalatih), misalna wae nyirig atawa renggong; kadua, tumpak kuda disina ningkah. Dina ieu paribasa digunakeunana eta kecap teh leuwih keuna dina harti nu kadua.
Paribasa adean ku kuda beureum hartina ginding ku banda (papakean) batur (meunang nginjeum). Antara ungkara paribasa jeung hartina memang taya patalina, sabab gede kamungkinan asalna mangrupa sisindiran:
 Adean ku kuda beureum
 Hade ku banda deungeun
5. Ngadu Bako

Bareto aya kabiasaan, dina sareureuhna gawe, biasana pasosore, lalaki sok tingrariung bari ngobrol ngaler ngidul. Sajeroning kitu teh maranehna sok bari siliasaan bako, diicip-icip mana nu pangeunahna. Nya disebut we ngadu bako.
Harti nu dikandung dina babasan ngadu bako oge teu jauh ti dinya, nyaeta ngadon ngalohong ngobrol ngaler ngidul bari teu puguh jejerna, tur anu dikahareupkeunana oge lain perkara penting.
6. Agul ku paying butut

Salasahiji lambing status kamenakan dina jaman bareto nyaeta paying. Dina hal ieu, paying teh lain digunakeun sakumaha mistina, pikeun niungan lamun hujan atawa panas. Luhur handapna pangkat hiji menak bias dititenan tina payungna.
Paribasa agul ku paying butut, atawa sakapeung ungkarana robah jadi ngagulkeun paying butut, harti agul kuturunan, atawa ngagulkeun luluhur (bapa, aki, uyut jeung saterusna) diri sorangan, pedah turunan menak.
7. Ngajul bulan ku asiwung

Anu dimaksud asiwung tehh nyaeta kapas meunang meresihan jeung meunang meteng, biasana keur kaperluan mulasara mayit. Ku urang geus kasawang, bulan mah pamohalan bias diajul ku asiwung, lantaran tempatna oge sakitu jauhna, jeung deuih asiwung teh leuleus, moal bias dipake ngajul.
Paribasa ngajul bulan ku asiwung teh hartina boga kahayang anu pamohalan bias kalaksanakeun, atawa nyieun tarekah anu mubadr, moal ngadatangkeun hasil. Paribasa liana anu meh samaksud jeung ngajul bulan ku asiwung nyaeta:
 mesek kalapa ku jara
 anjing ngagogogan kalong
8. Aki-aki tujuh mulud

Hartina aki-aki nu geus kolot pisan. Bisa jadi patalina kecap tujuh jeung kecap mulud teh ukur diarah purwakantina. Atawa mun dipapandekeun kana pakarang (dina kahirupan urang Sunda aya tradisi meresihan barang pusaka dina saban bulan Mulud), meresihanana oge kudu tujuh Muludeun, bakat ku kandel karahana. Jadi ngagosokna kudu lila lamun haying tepi ka beresih deui teh.
9. Alus laur hade ome

Sasaruaan kecap laur teh nyaeta langgeor; anu pihartieunana nyaeta obahna badan dina waktu leumpang. Tepi ka sok jadi kacapangan leumpangna mani ngalanggeor, nuduhkeun cara leumpangna anu alus katenjonna. Tangtu wae lain leumpang bari rurusuhan anu ngalanggeor mah.
Paribasa alus laur hade ome hartina tegep dedeg pangadegna, rek di awewe rek di lalaki.
10. Aya bagja teu daulat

Hartina arek menang kauntungan atawa bagja, tapi teu tulus.
11. Baleg Tampele

Kecap baleg teh miboga dua harti:
 mimiti boga (mimiti ngagunakeun) akal pikiran sarta mimiti aya birahi
 bener
Ari nu dimaksud tampele nyaeta ngaran lauk jarah sabangsa betook leutik, tapi lemes sisitna, sok diadukeun. Kecap baleg dina babasan baleg tempele digunakeun dina harti anu kahiji. Ieu babasan teh dilarapkeun ka budak (umur welasan taun) anu mimiti mangkat beger, wanina karek tukangeun, ari hareupeun mah era keneh.
12. Bali geusan ngajadi

Anu dimaksud bali nyaeta:
 ari-ari santen nu kaluar (dina ngalahirkeun) sabada kaluar orok
 robahna tina bale, nyaeta ngaran tempat dina babagian adegan (wawangunan).

Bali geusan ngajadi hartina lemah cai atawa tempat urang dilahirkeun.
13. Balik ngaran

Hartina ngadon maot di lembur batur, anu balik teh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.
14. Balung kulit kotok meuting

Kecap balung dina basa Sunda miboga dua harti:
 jawer hayam nu luhurna
 tulang
Dina ieu paribasa, kecap balung teh dilarapkeun dina harti nu kahiji.
Balung kulit kotok meuting hartina henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
Paribasa sabalikna nyaeta balungbang timur caang bulan opat welas jalan gede sasapuan, anu hartina iklas atawa beresih hate.
15. Banda tatatlang raga

Hartina lamun urang keur manggih karerepet (gering upamana), taya halanganana urang ngajual barang boga sorangan, pikeun ngabelaan awak sangkan waras deui.
16. Banteng ngamuk gajah meta

Ieu paribasa teh sakapeung ungkarana robah jadi maung ngamuk gajah meta. Tapi ari harti anu dikandingna mah sarua, nyaeta bancang pakewuh, ririweuhan, atawa kajadian anu dipikasieun jeung dipikagigis ku urang.
17. Batok bulu eusi madu

Batok bulu teh batok nu can dikerok, sesa tapasna masih keneh narapel. Keur mah kasar, katurug-turug goring katenjona deuih. Beda jeung batok meunang ngerok; leucir semu herang, sok dipake nginum minangka gaganti cangkir atawa gelas.
Paribasa batok bulu eusi madu dilarapkeun ka jalma anu goring rupa, tapi pinter jeung bageur.
18. Batok kohok piring semplek

Hartina paparabotan anu taya hargana.
19. Batu turun keusik naek

Ieu paribasa teh sakapeung sok dianggap cangkang sisindiran, anu eusina itu purun ieu daek. Harti ieu paribasa teh loba turunan menak anu teu jareneng, tapi sabalikna loba turunan somah anu jareneng.
20. Bilih aya tutus langkung kepang halang

Anu dimaksud tutus nyaeta awi meunang meulahan, dipake ngajepit daun kiray keur hateup jeung salian ti eta. Ari kepang hartina anyaman bilik anu biasa, heuleut dua.
Paribasa bilih aya tutus langkung kepang haling teh hartina bisi aya omongan anu salah atawa matak teu ngeunah kadengena. Isu paribasa teh saharti jeung bobo sapanon carang sapakan.
21. Cangkir emas eusi delan

Anu dimaksud delan myaeta tarasi. Ieu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu omonganana alus tur matak kataji pikeun nu ngadengekeunana, tapi saenyana ari hatena mah goring.
22. Kacanir bangban

Anu dimaksud canir nyaeta puhu akar anu rubak, misalna wae akar caringin. Anu rubak pisan mah jaman bareto, sok bias dipake keur nyieun kikiping (gilinding) padati. Ari bangban nyaeta ngaran tutuwuhan leuweung. Saenyana ari tangkal bangban mah euwuh cariran.
Babasan kacanir bangban hartina kawiwirangan atawa meunang woworang. Aya deui nu ngahartikeun ngawangu. Bisa jadi ari maksudna mah padeukeut keneh.
23. Cara bueuk meunang mabuk atawa kawas bueuk meunang mabuk

Ieu paribasa dilarapkeun ka jalma anu ngeluk tungkul, atawa teu wanieun ngomong sakemek-kemek acan, lantaran rumasa boga dosa.
24. Carang takol

Dilarapkeun ka jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
25. Careham hayameun

Ieu babasan teh dilarapkeun ka jalma anu beuki pisan barangdahar, tepi ka langka katembong reureuh nyapek.
26. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria

Anu dimaksud awun-awun nyaeta mega hideung di langit. Ari janapria asal kecapna tina jana nu hartina jelema, jeung pria nu hartina dipikaresep. Paribasa kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria hartina mashur, sarerea padanyaho.
27. Ceuli lentaheun

Hartina sok sadenge-dengena, najan lain dengekeuneunnana, atawa resep ngadedengekeun kagorengan.
28. Cikal Bugang

Ieu babasan teh ngandung dua harti:
 cikal hirup
 anu pangheulana gugur di medan perang
29. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

Cikaracak teh nyaeta cai nu nyarakclakan tina cadas nu nangtawing atawa di jero guha. Harti ieu paribasa nyaeta najan pagawean sakumaha hesena oge, lamun terus dileukeunan bari junun mah ahirna bakal anggeus.
30. Nyokot lesot, ngeumbing porot

Hartina sarwa salah, sagala rupa ihtiar teu hasil. Ungkara ieu paribasa teh sok robah jadi nete lesot, ngeumbing porot atawa nete semplek, nincak semplak.
31. Dagang oncom rancatan emas

Hartina ari modalna gede kacida, tapi bati nu diarahna pohara leutikna.
32. Ngadagoan uncal mabal

Anu dimaksud mabal nyaeta ngagunakeun jalan (liliwatan), lain anu biasana. Uncal anu mabal nyaeta uncal anu keur diboro, terus lumpatna henteu nyokot jalan parantina, tapi kalah apruk-aprukan, tepi ka ahirna sasab, teu bisaeun balik deui ka leuweung.
Paribasa ngadagoan uncal mabal hartina ngadagoan atawa ngarep-ngarep rejeki bari embung ihtiar heula. Ieu paribasa teh sok robah jadi ngadagoan uncal mahpal.
33. Daharna sakeser daun

Dilarapkeun ka jelema (pangpangna budak) anu mindeng pisan dahar, bias jadi lantaran mindeng ngarasa lapar, atawa dahar teh dianggap kaulinan.
34. Dihin pinasti anyar pinanggih

Hartina sagala rupa anu kaalaman (kajadian), saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran, atawa geus aya katangtuan ti lohmahpudna (ti ajalina).
35. Dogdog pangrewong

Dogdog teh ngaran tatabeuhan sabangsa bedug leutik, biasa dipake dina pintonan reog. Saparangkat atawa sasetna teh aya opat, tur masing-masing boga ngaran, ti nu pangleutikna tepi ka nu panggedena, nyaeta talingtik, tempas, brangbang, jeung pangrewong (indung).
Babasan dogdog pangrewong dilarapkeun ka jalma nu mantuan gawe ukur tamba lumayan, atawa milu nyarita minangka estra.
36. Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur

Dogong teh sarua hartina jeung tulak, nyaeta awi atawa kai panahan tatangkalan anu doyong, ngarah teu rubuh. Umumna anu sok didogong teh tangkal cau, lantaran sok doyong, beurateun teuing ku turuyanana.
Ieu paribasa teh hartina ngamumule mojang (lanjang) pipamajikaneun, tapi ana geus manjing dikawin kalah kop ku batur.
37. Sadom araning baraja, sakunang araning geni

Ieu paribasa teh jolna tina basa Jawa. Lamun disundakeun mah ungkarana kurang leuwih kieu : najan jarum tapi tetep beusi, najan sakotret tetep seuneu. Hartina nyaeta barang atawa perkara anu siga teu sapira, tapi bias nyilakakeun.
38. Dosa salaput hulu

Hartina teuing ku loba dosa.
39. Dulang tinande

Hartina awewe mah ilaharna nurut kana kahayang lalaki (salaki).
40. Duum tinggi

Hartina babagi henteu adil, aya nu meunang bagian loba, jeung aya nu saeutik.
41. Deukeut-deukeut anak taleus

Ieu paribasa teh miboga dua harti:
 Teu nyaho yen baraya, padahal geus lila padeukeut imah
 Sakitu padeuket, tapi teu nyaho aya kajadian penting diantara maranehna
42. Elmu ajug

Anu dimaksud ajug teh nyaeta damar jangkung. Lamun diseungeut, caangna teh ka tempat anu rada jauh, sedeng di sabudeureunana mah angger poek.
43. Elmu sapi

Hartina guyub atawa samiuk dina kagorengan.
44. Elmu tumbila

Hartina nu boga imah (pribumi) ngarugikeun ka semah.
45. Elok bangkong

Hartina ampir sakarat
46. Endog mapatahan hayam

Ieu paribasa teh hartina anu umurna sahandapeun mapatahan ka saluhureun, atawa anak mapatahan kolot.
47. Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh atawa endog sasayang, peupeus hiji, peupeus kabeh

Hartina kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya, atawa sobat ngabalukarkeun sarerea kabawa bingung atawa susah.
48. Endog tara megar kabeh

Hartina sanajan saindung-sabapa, tapi urusan rejeki atawa darajat mah can tangtu bakal sarua.
49. Saeutik mahi, loba nyesa

Isu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu bias ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bias cumpon keur nutupan pangabutuh, komo lamun dibere loba, geus pasti bakal nyesa.
50. Sagalak-galakna macan tara nyatu anak

Hartina sanajan sakumaha galak (bengis) oge, indung-bapa mah moal tepi ka tega (maehan) ka nu jadi anak.
51. Galegeh gado

Ieu babasan teh dilarapkeun ka jalma nu darehdeh (sareseh), atawa sok dihartikeun darehdeh tapi teu terus kana hate. Eta harti teh bisa dianggap patukang tonggong; harti nu kahiji mah alus, ari nu kadua goring.
52. Gancang pincang

Hartina kusabab dipigawena rurusuhan, hasilna teh teu nyugemakeun. Babasan sabalikna nyaeta kendor ngagembol.
53. Ngagendong kejo susah nyatu

Hartina loba ari titaheun mah, boh anak sorangan boh bujang, ngan hanjakal ku hese nitahna, lantaran euweuh nu daekeun.
54. Gantung denge

Hartina ngarasa hanjakal, dumeh haying keneh ngabandungan kumaha carita terusna, tapi anggeus (eureun) manten.
55. Gantung teureuyeun

Hartina ngarasa hanjakal, barangdahar can seubeuh, tapi kapaksa eureun; bias jadi kusabab dahareunana geus beak, atawa aya dahareun sejen didagoan.
56. Ngegel curuk

Ieu babasan teh ngandung dua harti:
 Teu kabagian atawa teu meunang naon-naon
 Teu hasil maksud
57. Geledug ces

Hartina sumanget dina mimitina wungkul, tapi ka dituna mah terus melempem, atawa disangla arek hebat, tapi buktina mah henteu.
58. Getas harupateun

Harupat teh nyaeta bagian injuk anu siga nyere. Teu kaop dipileykeun, harupat mah babari pisan potong, sabab regas.
Babasan getas harupateun dilarapkeun ka jelema anu babari ambek bebeakan, kawas nu geus leungit timbangan pikiranana.
59. Geulis sisi, lur gunung, sonagar huma

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.
60. Gindi pikir belang bayah

Dilarapkeun ka jelema goring hate, dolim, julig, atawa dengki, gawena ngan haying nyilakakeun batur wae.
61.

No comments:

Post a Comment